Neng… Neng resep ka Meng ???

September 24, 2008

Sore eta Si AA keur kukurilingan di mol, sabab harita teh keur libur.. keur teu jadwal piket cenah… Ngaliwat di hareup sten parpum, si AA teu kawasa hayang wawuh jeung si Neng penjaga sten nu kalintang geulisna. Sanggeus ngawanikeun maneh, si AA nyampeurken eta si Neng penjaga sten
AA        :”Neng, ieu the parpum nya?”
Neng    :”muhun A…, parpum…, mangga dicobian sakedik geura A…, meni seungit teh…”
AA        :”Ah…Neng, pami Neng nu jualan parpum mah, parpumna moal payu atuh…”
Neng    :”Na kunaon kitu A, tiasa nyarios kitu ?”
AA        :”margi nu ngajualna langkung seungit ti parpumna “
Neng    :”Ih… si AA mah tiasa wae..”
AA        :”Neng…, AA kenging motret Neng?”
Neng    :”Kanggo naon kitu A?”
AA        :”supados AA tiasa ningalkeun ka rerencangan, yen bidadari teh aya…”
Neng    :”Ih… si AA mah…”
AA        :”Neng…, pami tiasa mah motretna ti caket nya Neng, klos ap tea geuning…”
Neng    :”Naha A, meni kedah klos ap sagala…”
AA        :”margi pami motretna ti caket mah, sugan weh nu kacandak sanes gambar Neng hungkul, tapi hate Neng oge…”
Neng    :”Ih.. si AA…”
AA        :”Neng, pami tiasa mah sareng tanda tanganna nya Neng…”
Neng    :”Na da Neng mah sanes artis, meni dipenta tanda tangan sagala…”
AA        :”wios lah.. tanda tanganna weh nya Neng…”
Neng    :”Nya atos atuh.. ieu tanda tanganna…”
AA        :”Neng…, naha tulisan Neng teh meni awon kieu geuning nya? “
Neng    :”…”
AA        :”Ah.. tapi AA terang lah kunaon tulisan Neng awon kieu…”
Neng    :”Kunaon deui kitu A…”
AA        :”margi mun tulisan Neng sae mah.. berarti Neng teh sampurna…”
Neng    :”Ih… si… “
AA        :”Neng…, Neng resep ka Meng ?”
Neng    :”kaleresan resep… kunaon kitu A?”
AA        :”sami atuh… AA oge kaleresan resep ka Neng…”
Neng    :”Ih….”
Neng    :”A… pami AA sieun teu ningal OA…”
AA        :”Nya sieun atuh Neng… pami aya OA di dieu mah… kunaon kitu Neng ?”
Neng    :”Sami atuh A.. Neng oge sieun ningal AA…”
AA        :”Oh… mangga atuh Neng….”
Neng    :”Mangga…”

*kainspirasi ti A Fajar, Tzuming, Zakki, sareng nyalira… pami aya dina tulisan di luhur nu ternyata aya nu ngaraos ngagaduhan.. panginten kami2 nu kainspirasi ti aranjeun…

10 Responses to “Neng… Neng resep ka Meng ???”

  1. swestika Says:

    hwehehe…
    dasar gombal sejati :p

  2. ud Says:

    sanes gombal sejati..
    tapi gagaduhan gombal terpendam
    kekeke… :p

  3. thessic Says:

    Ari OA teh naon si? :D

  4. ud Says:

    OA teh sabangsaning primata .. :)

  5. z4kki dj Says:

    gombal terpendam yang belum tersampaikan ya yud? hehehe…

  6. ud Says:

    hehehe…
    jangan dibahas zak :p
    Ada ideu lagi zak ???

  7. anggaman Says:

    Nyahahaha~ Bodoran kieu mah uing jadi inget deui jaman raramean di KPA euy, alus :D

  8. idud Says:

    Neng: A, parpeumna bade digaleuh moal?
    Aa: Ah, moal, tos cekap caket ka Neng oge.
    Neng: Dasar balangsak…!


  9. [...] jadi kepikiran dialog Neng dan AA [...]

  10. dhilacious Says:

    gyahhahahaha.
    jatoh banget akhirnya.. :-)


Leave a Reply